16 Februari 2009

Sukabumi

Numutkeun katerangan ngaran Kota Sukabumi asalna tina basa Sunda, nya éta tina kecap Suka-Bumén. Kecap suka dina basa Sansekerta mibanda harti “resep”, sedengkeun kecap bumén mibanda harti “imah”. Baheula ieu tempat miboga alam anu resik jeung hawa anu tiis, sabab deukeut Gunung Gedé jeung Gunung Pangrango. Cai curcor ngagolontor tina unggal susukan, sawah héjo ngeploh, ngaplak teu kagaringan, éstuning matak pikabetaheun anu cicing matak kabita keur nu nyimpang. Batur anu ngumbara jeung ngababakan di ieu tempat ngarasa betah jeung teu hayang balik deui ka kampungna, sabab resep/suka bumén-bumén atawa betah, anu atukna anak incuan di ieu tempat. Baheula anu anu daratang ka ieu tempat, jul-jol ti mana-mana, ti Kuningan, Sumedang, Garut, Subang, Cianjur jst.

Ngaran Sukabumi mimiti digunakeun dina taun 1815. Baheula, ieu tempat ngagunakeun ngaran Gunungparang puseur dayeuhna Cikolé. Ngaran ieu tempat di usulkeun ku Kepala Daérah bangsa Indonésia ka Pamaréntahan Kompeni ngaliwatan saurang administrator Bangsa Walanda anu aya di Sukabumi, nya éta Andries Dewilde. Wewengkon Sukabumi ti taun 1815-1921 kaasup kana salah sahiji Afdeling Kabupatén Cianjur, anu statusna Kabupatén Sukabumi.

Ngaran sukabumi kawangun jeung dikasangtukangan ku aspek sosial. Aya 83 (40,9%) kampung nu ngarana kaasup kana aspék sosial dari 208 nama kampung, nyaeta ayana di 31 kalurahan tii 33 kalurahan di 7 kacamatan sa-Kota Sukabumi, Agung Priyaguna (2008: 48)

Dina W. Basil Worsfold (1893: 74) ngaran Soekaboemi berarti "tempat yang menyenangkan," dan kota ini adalah pusat tanaman bunga di Jawa. Dengan komoditas utamanya yaitu perkebunan teh, kina, karet dan kopi.

Sedengkeun dina buku Java The Wonderland karangan Camille J , Ehrenf els. “Soekaboemi, yang berarti "tempat yang indah", terletak sekitar 650 meter di atas permukaan laut, memiliki suhu rata-rata 75 'Fahrenheit, sebuah lovely iklim, dan klub yang indah. Ia adalah tempat yang sangat baik untuk beristirahat setelah begitu banyak perjalanan.

Salian ti eta ngaran Soekaboemi oge pernah digunakeun ku Walanda pikeun ngaran kapal. Kapal nu dipimilik ku Koninklijke Rotterdamsche Lloyd NV (W Ruys & Zonen) dijieun dina taun 1923. Kemampuh mawa beurat 7.051 ton. Mangsa Perang Dunia II, kapal sekutu Inggris jeung Walanda ngalakukeun konvoi. Dina ping, 27 Desember 1942 jam 03.10, Soekaboemi diserang jeung ancur di bagéan hareup. Nu lobana 70 panumpang bisa disalametkeun. Dina jam 19.37, Soekaboemi tilelep di sabudeureun Laut Atlantik. (ynt)

Dina abad ka -18, Priangan aya dina pangawasa Walanda, wewengkon sukabumi dimekarkeun jadi hiji daerah kalayan komoditas utamana nya étu enteh jeung kopi. Patali jeung éta hal, Walanda méré idin ka sababaraha urang asing pikeun asup jeung cicing di wewengkon Sukabumi, kaasup masarakat etnis Cina atawa Tionghoa. Dina taun 1870, ngaliwatan kaputusan Agraria, dikaluarkeun hiji kawijakan ekonomi nu miboga udagan pikeun ngawatesanan gerak lengkah ekonomi masarakat etnis Cina. Satuluyna dina taun 1872, masarakat etnis Cina diidinkeun asup ka wewengkon Sukabumi kalayan tapel wates cicingna dipuseur dayeuh. Hal kasebut pikeun ngontrol ekonomi masarakat Cina pangpangna nalika mangsana nyokot pajak. 

Dina taun 1882 diwangun rel kareta api nu ngahubungkeun Sukabumi jeung Bogor ogé Jakarta, dimekarkeunana infrastuktur nya éta pikeun ngarojong fasilitas di wewengkon Sukabumi. Dina buku sajarah ngeunaan Kereta Setan taun 1920 dina basa Walanda, saurang wartawan De Locomotief, koran terbitan Semarang. Inyana nuliskeun ngeunaan pemecahan rekor kecepatan Batavia-Soerabaja ngaliwatan jalur Buitenzorg (Bogor)-Tjibadak-Soekaboemi-Tjiandjoer-Bandoeng. Lalampahan éta henteu ngaliwatan jalur Puncak. Nilik kana éta pamandegan, Djoko ngajéntrékeun, jalan ka Sukabumi ti Buitenzorg diwangun taun 1813 nalika Thomas Stamford Raffles jeneng jadi Letnan Gubernur Jenderal salaku wawakil takhta Kerajaan Inggris. Numutkeun inyana, éta bukti bisa kapanggih dina tulisan F De Haan ngeunaan Preanger Stelsel. Mangsa harita Raffles saluyu jeung tarekah pikeun ningkatkeun kas pendapatan negara kucara ngalarapkeun landrente, nya éta nyewakeun tanah pikeun perkebunan (Iwan Santosa)

Dina taun 1882 loba urang Erofa anu daratang ka Sukabumi. Dina taun 1905 urang Erofa jumlahna 600 urang sarta dina taun 1930 urang Erofa di Sukabumi nepi ka miboga jumlah 2259 jiwa. Tan Giok Lan (1963: 12-18). Mangsa harita, Walanda ngajadikeun Sukabumi pikeun tempat padukukan utamana pikeun arinyana anu miboga perkebunan. Ngan aya oge masarakat Walanda nu cicing di tempat perkebunan nya éta dicekelna ku administrator komersial karyawan atawa pagawé perkebunan.

Ku mingkin ningkatna perkebunan karet dina awal taun abad ke-20. Sukabumi jadi hiji daerah anu penting jeung puseur komersial nu pangpentingna pikeun zona perkebunan di sakumna pulo Jawa. Dina taun 1914 Pamaréntahan Hindia Walanda ngajadikeun Kota Sukabumi salaku “Burgerlijk Bestuur” anu katelahna “Gemeenteraad Van Sukabumi”, ieu hal dikasangtukangan ku réana urang Walanda anu dumuk di Kota Sukabumi, pakasabanana salaku anu miboga perkebunan-perkebunan anu ayana di béh kidul, kalér Kota Sukabumi (kabupatén). Dina sasih méi 1926, Sukabumi di tetepkeun jadi Daérah anu mandiri (otonom), sarta dina taun anu sarua ogé “Burgemeester” nya éta Mr GF. Rambonnet diangkat jadi bupatina.

1. Gemeente Soekaboemi Tahun 1914-1942,
2. Soekaboemi SHI Tahun 1942-1945,
3. Kota Kecil Sukabumi Undang-undang No. 17 Tahun 1950,
4. Kota Praja Sukabumi Undang-undang No. 1 Tahun 1957,
5. Kotamadya Sukabumi Undang-undang No. 18 Tahun 1965,
6. Kotamadya Daerah Tingkat II Sukabumi Undang-undang No. 5 Tahun 1974,
7. Kota Sukabumi Undang-undang No. 22 tahun 1999, UU No 32 Tahun 2003

Kota Sukabumi ayana di béh selatan tengah Jawa Barat dina koordinat 106o 45’ 10’’ Bujur Timur, 6o 49’ 29’’ Lintang Selatan dan 6o 50’ 44’’ Lintang Selatan, ayana dina tutugan Gunung Gedé jeung Gunung Pangrango anu miboga luhurna 584 m di luhureun beungeut laut, jeung suhu maksimum 29 oC anu miboga jarak 120 Km ti Puseur Dayeuh Nagara (Jakarta) sarta 96 Km ti Puseur Dayeuh Propinsi (Bandung). Kota Sukabumi mibanda wilayah anu legana 4.800,231 Ha. Kalawan wates béh kalér, nya éta Kacamatan Cisaat jeung Kacamatan Sukabumi, béh kidul jeung Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi, béh kulon jeung Kacamatan Cisaat Kabupatén Sukabumi, Béh wétan jeung Kacamatan Sukaraja Kabupatén Sukabumi.

Kota Sukabumi ngawengku 7 Kacamatan sarta 33 Kalurahan di jerona, di antarana nya éta:
1. Kacamatan Baros anu ngawengku 4 Kalurahan, nya éta Baros, Sudajayahilir, Jayamekar, Jayaraksa.
2. Kacamatan Lembursitu anu ngawengku 5 Kalurahan, nya éta Lembursitu, Situmekar, Cipanengah, Cikundul, Sindangsari.
3. Kacamatan Cibeureum anu ngawengku 4 Kalurahan, nya éta Sindangpalay, Limusnunggal, Babakan, Cibeureumhilir.
4. Kacamatan Cikolé anu ngawengku 6 Kalurahan, nya éta Cikolé, Gunungparang, Selabatu, Cisarua, Kebonjati, Subangjaya).
5. Kacamatan Warudoyong anu ngawengku 5 Kalurahan, nya éta Warudoyong, Dayeuhluhur, Nyomplong, Bénténg, Sukakarya.
6. Kacamatan Gunungpuyuh anu ngawengku 4 Kalurahan, nya éta Gunungpuyuh, Karangtengah, Sriwidari, Karamat.
7. Kacamatan Citamiang anu ngawengku 5 Kalurahan, nya éta Citamiang, Cikondang, Gedongpanjang, Nangeléng, Tipar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar