16 Februari 2009

Toponimi Kota Sukabumi

Wangengan Toponimi
Élmu nu miboga objek panalungtiakn ngeunaan ngaran, dina hal ieu nya éta toponimi atawa élmu atawa studi ngeunaan kasangtukang jeung wangun tina ngaran diri, atawa oge aktivitas atawa proses méré ngaran.

Prosés Manusa dina Méré Ngaran Kana Hiji Tempat
“Nalika manusa gubrag ka alam dunya, properti anu munggaran dibéré ku kolotna nya éta “ngaran diri” (antroponim), sabab ngaliwatan ieu ngaran, mimiti kawangun hiji paguneman anu ngaruntuy antara anak jeung kolotna satungtung hirupna. Properti ka dua anu satuluyna nyantél kana antroponim nya éta, “tempat gumelar”.”( Jacub Rais Guru besar Emeritus ITB).Properti anu kadua bakal tetep nyantél kamana waé inditna éta jalma sabab hiji jalma mo leupas tina ngaran tempat padumukanana, kamana waé inditna jeung kamana waé lalampahanana tangtu ngaran tempat jadi identitas anu teu bisa dileupaskeun, kiwari ngaran tempat jadi identitas anu nyantél dina KTP, SIM, mérek ngaran kadaharan, baju, malahan mah nepi ka padung kuburan ngaran tempat tetep milu nyarengan.

Nalika manusa nyicingan hiji tempat di alam dunya, atawa ngabukbak lahan pikeun padumukan, sacara teu langsung manusa ngalakukeun komunikasi jeung alam disabudeureunana, ngaliwatan méré ngaran ka sakumna unsur rupabumi, kayaning méré ngaran kana susukan, tegal, gunung, lembah, pulo, teluk, sagara, selat, jst. Salian ti éta, manusa ogé méré ngaran kana tempat padumukanana, kayaning ngaran babakan, kampung, kampung, désa nepi ka ngaran kota. Manusa méré ngaran kana rupabumi atawa kana hiji tempat tangtu miboga udagan nya éta pikeun ciri jeung salaku sarana komunikasi jeun papada jalma. Cindekna ngaran-ngaran tempat tangtu patula-patali sarta teu bisa dileupaskeun jeung sajarah anu nyampak di éta patempatan. 

Ieu hal luyu jeung pamandegan Bahtiar (2007:1) anu nétélakeun yén. “Ngaran géografi kayaning ngaran wahangan, tegal, gunung, lebak, pulo, teluk, sagara, selat, désa/kampung, jst Hal éta miboga tujuan pikeun méré udagan sarta pikeun lumangsungna komunikasi disabudereun masarakat. Ngaran wewengkon méré hiji cicirén kana lalampahan hirup masarakatna sarta lumangsungna sajarah di éta patempatan.” 

Haji Hasan Mustapa dina Ajip Rosidi (1989: 361) urang Sunda ngukuhan pisan kana babasan (cacandran), sakumaha ditétélakeun yén.
“Ngaran tempat-tempat wahangan-wahangan néangan sabab anu gampang tina tatangkalan atawa tina kapercayaan, saperti: Ciawi, Citamiang, Cimindi, Cihampelas. Pangkuatna lamun ngaran tangkal anu aya di sirah cai tina kapercayaan, saperti: Citarum, Ciguriang sakur anu jadi patilasan pantun. Kitu deui pasir-pasir gunung-gunung, legok-legok, lalandihanana numutkeun rupa atawa patilasan dongéng-dongéng, terkajeungg sabab aya tangkal anu kongas, saperti Pasir ipis, Pasir halang, gunung Parahu, gunung Malabar. Réa kampung anu nelah ku tatangkalan, saperti Kelapa Dua, Selajambé, Selacau, Bojongloa, Jeunggdeur, Baros, Caringin, Kiara euyeuh, Kiara condong, Kiara payung. Naék deui panglandi ku ngaran ti nu boga kana sato kumaha ngeunahna, saperti hayam adu: Si Uler, Si Éngang. Domba adu, kuda adu, sagala nu dipiara sapi munding sok dilandi nu tangtu. Terkajeungg bubuahan, pakarangan, situ, sawah, sok dilandi meunang anu boga”.

Aspék nu Nyampak dina Ngaran Tempat
1. Aspek Hidrologis
Aspék hidologis, nya éta méré ngaran tempat anu dikasangtukangan ku wujudna cai anu kamalir atawa cai anu cicing dina hiji tempat.
Aspék hidrologis kabagi kana dua, nya éta.
a. Aspék hidrologis anu aya patalina jeung pola linear, contona ngaran Sungapan. Éta ngaran tempat kapangaaruhan tina kajadina alam sacara aspék hidrologis anu hartina sarua jeung hulu cai (springs); 
b. Aspék hidrologis ku cara ngagabungkeun (aspek hidrologis jeung apsék séjén anu mangrupa istilah-istilah) Contohnya: Cikolé, Cicadas.

2. Aspek Morfogéologis
Ngaran tempat dumasar kana aspék morfogéologis nya éta méré ngaran kana hiji tempat dumasar kana wangun kaayaan alam. Kayaning Lamping, Nagrak, Nangeleng, jsb.

3. Aspek Biologis
Ngaran tempat dumasar kana aspék biologis nya éta méré ngaran kana hiji tempat dumasar kana kaayan alam (sistem ékologis) anu aya disabudeureunana, kayaning Baros (Sukabumi).

4. Aspek Sosial
Ngaran tempat anu dumasar kana aspék sosial nya éta méré ngaran kana hiji tempat dumasar kana kayaan sosial masarakat disabudeureunana. Kayaning kampung Balandongan.

Ngaran Kampung di Kota Sukabumi

Kota Sukabumi miboga 7 kacamatan, anu ngawengku 33 kalurahan sarta 200 leuwih kampung. Anu kapanggih dilapangan, kampung di Kota Sukabumi aya 203 ngaran kampung. Sakitu téh teu ka asup kampung anu ngarana dumasar arah angin. Samodél conto, Kampung Bénténg kabagi dumasar arah angin, aya Bénténg Kidul, Bénténg, Bénténg Tengah. Kampung anu miboga ngaran kitu dianggap jeung kaasup Bénténg wungkul.
Ngaran kampung anu aya di Kota Sukabumi, dikelompokeun dumasar aspék hidrologi, morfogéologis, biologis jeung sosial, di antarana waé.
1. Aya 69 (34%) kampung anu ngarana kaasup aspék hidrologis, nya éta di 28 kalurahan tina 33 kalurahan di 7 kacamatan sa-Kota Sukabumi. 
2. Aya 28 (13,8%) kampung anu ngarana kaasup kana aspék morfogéologis, nya éta aya di 20 kalurahn tina 33 kalurahan di 7 kacamatan sa-Kota Sukabumi.
3. Aya 23 (11,3%) kampung anu ngarana kaasup kana aspék biologis, nya éta aya di 14 kalurahan tina 33 kalurahan, sarta aya di 5 kacamatan tina 7 Kacamatan sa-Kota Sukabumi
4. Aya 83 (40,9%) kampung anu ngarana kaasup kana aspék sosial, nya éta aya di 31 kalurahan tina 33 kalurahan di 7 kacamatan sa-Kota Sukabumi.

Di Kota Sukabumi loba kampung anu ngarana diganti atawa kasilep ku ayana wanguan PERUM anu sakapeung milu mangaruhan kana ngaran tempat disabudeureunana.Kampung anu ngarana dirobah, nya éta:
1. Kampung Begég jadi Sukawarna, Kampung Cebék jadi Sindangsari anu ayana di Kalurahan Sindangsari,Kacamatan Lembursitu.
2. Kampung Nengéng jadi sukamaju, Kampung Jubleg jadi Sukasari anu ayana di Kalurahan Baros, Kacamatan Baros.
3. Kampung Tegalpadul jadi Tegalwangi anu ayana di Kalurahan Sukakarya, Kacamatan Warudoyong.
4. Kampung Nyangegeng jadi Waringin, ayana di Kalurahan Jayamekar, Kacamatan Baros.
5. Kampung Sindangbaeud jadi Sindangresmi, Kampung Ceger jadi Sukamanah anu ayana di Kalurahan Babakan, Kacamatan Cibeureum.

H a t u r N u h u n

2 komentar:

  1. Kisah tentang Toponimi sangat menarik, sayang sekali kemampuan berbahasa Sunda saya nol besar euy, jadi tidak mampu menyerap 100% informasi dari tulisan ini hehehe...tetap semangat...

    BalasHapus
  2. ...kang Agung, dupi pembahasan anu dirampe dina wengkonan kosmologis sareng fenomena masing-masing kampung tiasa teu dicarioskeun... margi dumasar kana bacaan diluhur katingalna rada positivistik dumasar teuing kana teori dan statistik...
    ..ieu mah ngan saukur saran ti sim abdi..
    ..hatur nuhun..

    BalasHapus